BLOGGER TEMPLATES AND TWITTER BACKGROUNDS

Selasa, 30 Maret 2010

Basa Sunda: Nonton Drama

woy ini translate-an si ibu negara ya, saya cuma tugasnya ngetik doang dan nge-share. wilujeng di copy paste :)

Sadaya panumpang nuju ngantosan kaberangkatan kareta api. Sabari nungguan kaberangkatan kareta api, panumpang lalajo jaipong.

Kareta api atos dongkap, sadaya panumpang rariweuh naek kareta api. Waktos atos jam 7 peuting, aya pamajikan jeung salakina anu nuju pasea. Ku sabab kesel, pamajikan teh kaluar neangan hawa. Pas di luar, pamajikan eta tah pependak sareng lalaki nu ngarana Holi. Holi bogoheun ka Umi, teras Holi the ngadekeutan si Umi nu nuju ngomong sorangan. Tuluy Umi jeungHoli patepang.

Dina lain tempat, salakina Umi nu ngarana Kayat keur nungguan si Umi nu keur neangan hawa jeung istrina Holi nu keur nungguan bari ngagendong anakna. Basa si Amah keur nungguan salakina, aya dua lalaki anu ngadekeutan si Amah. Nu hiji ngadekeutan si Amah, nu hiji ngajagaan bisi salakina dongkap. Lalaki nu ngadekeutan Amah namina Oman. Oman ngadekeutanana pura-pura nanyakeun jam.

Salaki Umi keseleun nungguan si Umi teu dating-datang. Si Dadi jeung salakina Umi rek neangan Umi.

Di hiji tempatUmi jeung Holi keur bobogohan. Geus bobogohan Umi nyampeurkeun ka tempat salakina. Holi nyamperkeun istrina.

Basa Oman jeung Amah ka WC, orok si Amah teh ditinggalkeun di korsi, terus si orok eta the kapanggih ku si Holi jeung babaturannana. Bbaturan Holi the tiasa ngaramal yen si orok eta the rek jadi presiden. Teras dipasihan name nyaeta RSBR (Rahman Shabar), tapi teu jadi, jadina nyaeta SK (Sunda Kiwari).

Paramal eta the nyarita yen mun si Holi geus teu cinta deui ka istrina, nasib eta orok teh bakalan bahaya. Ngadengan kitu si Holi bingung, teras nanya pendapat ka babaturannana. Pendapat babaturannana teh nyaeta kudu cere, anakna dipiceun. Eta pendapat teh diturutan ku Holi.

Si Umi nyarita ka salakina yen manehna bogoheun ka salaki batur. Salaki ngadenge eta teras pingsan.

Umi jeung Holi bade nikah. Nu jadi naibna nyaeta si Dadi (tukang ngaramal). Si Umi salingkuh rek nikah sareng Holi. Si Amah salingkuh rek nikah sareng si Oman. Basa rek nikah salaki si Umi ambek teras ngabunuh si Holi. Si Umi nyesel teras ngarasa bersalah ka salakina nu baheula. Holi kabunuh atos lami, tapi teu acan dikubur-kubur. Kondektur di kereta teh bingung, naha kareta teh ereun-ereun wae. Pas ningali kaluar, kondektur the reuwas kusabab ieu jalan can pernah dilewatan. Kondektur bingung teras manggil masinis kereta eta. Epek teh jelema anu dipanggil lain masinis, tapi panumpang biasa. Jadi saha anu jadi masinis di kereta ieu? Rek dibawa kamana urang teh?

1 komentar: